Search This Blog

Dasar Kabayan

Friday, July 22, 2016

DASAR KABAYAN ��

Iteung: "Akang, Iteung tos telat sabulan, urang bakal boga orok".

Kabayan: "Tong bebeja   kasasaha teung ...,  bisi teu jadi ..., urang era".

Isuk2 aya tukang tagih  PLN kaketrok panto, teu lila si iteung, kaluar manggihan.

Petugas PLN:  "teh, teteh tos telat sabulan".

Iteung: "timana Bapak nyaho?".

Petugas PLN: "pan iye aya catatana di PLN ".

Iteung: "Haaah..., moal enya nepi ka di catat di ku PLN ???!!

Si iteung nyarita ka kabayan, enjingna Si Kabayan indit ke kantor PLN bari jeung ambeuk.

Kabayan: "timana PLN nyahoeun istri kuring tos telat sabulan?"

Petugas PLN: "Sabar kang, pami akang hoyong  catatana di hapus, akang keudah mayar ka abdi ".

Kabayan: "lamun kuring moal daek bayar kumaha ?".

Petugas PLN: "anu akang, bakal abdi putuskeun".

Kabayan: "Gelloo sia...., nu kuring rek  diputuskeun?? Kumaha Lamun istri uring dibumi keur hoyongeun ??,, kudu make naon...???".

Petugas PLN: "nyaaa, kapaksa kudu make LILIN......!!!

Kabayan: " GeeLLooo...!!!
������

yansmugny. Powered by Blogger.