Search This Blog

KOPDAR jeung kokom

Tuesday, April 19, 2016

Carita Peuting : URUT KABOGOH AMPROK DI PESBUK (Chatingan BBM)
CARITANA REK KOPDAR.

ADAY :
"Kom!.. Ieu uing geus dilembur maneh, pas jalan gede..beulah mana imah teh?"
KOKOM :
"Anu aya gapura kang, akang lebet kinten-kinten 25 meter aya bumi gedong 3 tingkat, warna kayas, mobilna seueur"
ADAY :
"Siap! Akang geus dihareupeunana. Ieu imah maneh teh Kokom?"
KOKOM :
"Sanes akang! Tidinya akang mengkol ka kanan lebet gang kinten-kinten 10 meter, aya lapangan badminton. Tah gigireunana kang"
ADAY :
"Eta imah maneh?"
KOKOM :
"Eta mah bumina tukang urut. Tidinya mah akang kantun lempeng, pas ngalangkungan jambatan didinya katingal aya kios alit, seratanana ISI ULANG PULSA"
ADAY :
"Owh, jadi imah Kokom teh anu jualan pulsa eta?"
KOKOM :
"Eta mah namina konter atuh kang. Tidinya mah kantun ka kanan dugi ka kuburan. Tah payuneun kuburan aya bangunan kang"
ADAY ( keuheul) :
"Jadi imah sia teh hareupeun kuburan Sarkommmm?"
KOKOM :
"Aeh nya sanes atuh kang! Eta mah bumina kuncen, akang ulah lebet kadinya tapi mengkol deui ka kenca, mapay galengan pasawahan, engke oge bakal katingali aya kandang munding"
ADAY (ambek) :
"Aaarggh..! Eta imah silaing?"
KOKOM :
"Abdi mah sanes munding atuh ih!. Tidinya akang lurus we teras dugi ka sisi lembur"
ADAY (napsu) :
"Eta gogobrog sia?!"
KOKOM :.
"Memangna abdi teh monyet, si akang mah sok aya-aya wae? Torobos eta lembur teh kang, mapay jalan satapak dugi ka pendak sareng masjid alit, tah persis sabeulahna "
ADAY (ambek kacida) :
"Sakali deui sia ngomong eta lain imah maneh. Dicacag siah mun panggih jeung uing! Ieu tuur geus asa coplok"
KOKOM :
"Hehehe. sabar atuh kang, ulah emosian janten jalmi mah bilih enggal sepuh. Leres eta pisan rorompok abdi. Kumaha tos kapendak tacan kang?"
ADAY (rada bungah) :
"Akang geus aya hareupeunana yeuh! Gusti! meni asa ringsek kieu awak. Pokona tanggung jawab mencetan akang nya? hehehe"
KOKOM :
"Muhun sok langsung kalebet weh da aya Mamah abdi nuju nyalira"
ADAY :
"Ari Kokom dimana?"
KOKOM :
"Abdi nuju di A

0 komentar:

Post a Comment

yansmugny. Powered by Blogger.